Nadoman, Berdakwah dengan Nyanyian

Eling-eling masing eling. Rumingkang di bumi alam. Darma wawayangan wae. Raga taya pangawasa. Lamun kasasar lampah. Napsu nu matak kaduhung. Badan anu katempuhan.
**

Tidak mudah menelusuri jejak kapan mulai munculnya nadoman di tatar Sunda. Nadoman dikategorikan sastra lisan yang hidup di tengah masyarakat tanpa diketahui siapa dan kapan ditulis. Ia bersifat anonim. Dalam sastra lisan, karya itu milik semua orang. Itu sebabnya, sulit menelusuri sejarah nadoman.

Pada pertengahan abad XX, nadoman menjadi sarana dakwah dan penyebaran ilmu agama yang efektif. Tidak hanya kiai atau ajengan yang bisa melakukannya, para ustaz di musala di kampung-kampung juga bisa membuatnya. Baik lagu bebas yang dalam istilah karawitan disebut “kawih”, maupun lagu terikat seperti “tembang” atau “dangding”. Di masyarakat, nadoman ini kemudian lebih dikenal sebagai pupujian.

Read more…

Perhatoskeun !!!


gambar kengeng nyandak di nyarios sunda

Parigeuing Gaya Kapamimpinan (LEADERSHIP) Prabu Siliwangi

Kapamingpinan dina masarakat Sunda, nurutkeun Naskah Kuna Sanghiyang Siksa Kandang Karesian. Ieu naskah kuna teh asli titinggal karuhun Sunda taun 1518 Masehi (Prabu Siliwangi/ Jayadewata pupusna taun 1521 Masehi) anu disundakeun deui kana basa ayeuna ku Drs. Saleh Danasasmita 1985. Ari aksarana ngagunakeun aksara “Ratu Pakuan”, lain Cacarakan. Basana Basa Sunda Buhun.

Dina naskah Kuna ieu teh aya palanggeran, tuduh laku tatakrama pikeun jadi pamingpin di masarakat jaman harita. Sanajan kitu eta palanggeran teh tetep gede gunana pikeun jadi palanggeran pamingpin Sunda jaman ayeuna. Eta palanggeran teh disebut PARIGEUING. Read more…

Taudz Pakarang Manusa

Ku : Ust.Djono Abdulrrahman
Nu disebat kalimah taudz teh nya eta kalimah anu diparentahkeun ku Allah SWT sangkan diaos ku sing saha anu bade ngaos Al Qur’an, sanaos mung saayat. Eta parentah kaunggel dina surat An Nahl ayat 98 : Fasidzaa qoro’tal qur’aana fasta’idz billai minasysyaithoonirojiim. Hartosna dimana anjeun rek maca Qur’an, mangka anjeun kudu nyuhunkeun panyalindungan ka ALLOH tina panggoda syetan nu dilaknat (dipecat tina rokhmat). Kalimah Taudz the aya dua rupi; Kalimah anu ka hiji , numutkeun hadits riwayat Imam Ahmad sareng Imam Turmudzi, diriwayatkeun ku Imam Abu Daud sareng Imam Nasya’I nu pihartoseunanana : Katampi ti sahabat Abu Syaid al Hudri , ti Kangjeng Nabi Muhammad SAW saestuna anjeun (kj Nabi) sapertos biasa dina sholat sok ngaos doa Iftitah, lajeng Auuzdu billahi sami’il allimi minassysyaithoo nirrojimi min hamdziyi wa nafhihi wa nafsihi, “abdi sumalindung ka gusti Allah nu maha nyandangan, maha uninga tina gogoda syetan nu la’nat (dipecat tina rokhmat), tina fitnahna, tina kagumedeanana sareng tina kakuatan sihirna.”

Kalimah taudz nu kadua nyaeta kalimah sakumaha anus ok diaos ku urang sadayana. Kateranganana numutkeun hadits anu diriwayatkeun ku Imam Mundzir, pihartoseunana : Imam Ibnu Mundzir parantos nyarios : aya katerangan ti kangjeng Nabi Saws dina sateuacana ngaos Al qur’an sok ngaosheula Auuzdu billahi minasyaitoonirrijim, abdi nyalindung ka Gusti Allah tina panggoda syetan nu dila’at (dipecat tina rohmat). Tina kalimah taudz nu dua rupi tadi, numutkeun pamendak Imam Syafi’I sareng Imam Abu Hanif, nu pangutamana nyaeta taudz anu kadua, margi luu sareng pidawuh Allah dina surat An Nahl ayat 98 tea. Namung numutkeun Imam Ahmad Idnu Hambali, kalimah taudz nu utami nyaeta kalimah nu ha hiji , margi supados ngempelkeun nu kaunggel dina surat An Nahl ayat 98 sareng surat Al Araaf ayat 200 , oge ku ayana hadist nu katampi ti Abi Syaid Al Hudri tea. Kanggo urang sadayana, dina leresan mayunan kalimah taudz nu dua rupi, duanana oge tiasa dianggo , boh bade nghaos Al Qur’an atanapi dina lebet sholat , margi duanana dicontoan ku kangjeng Nabi Saw. Read more…

Beusi Ayat Gusti

Ku Irfan Anshory

“Jeung Kami lungsurkeun beusi, dina éta téh aya kakuatan rongkah jeung rupa-rupa mangpaat pikeun manusa.”
(Al-Qur’an, Surah Al-Hadid 25)

AYEUNA urang nyawala ngeunaan logam. Duka naon kecap asli Sunda atawa Malayu pikeun nyebutkeun logam téh, boa-boa teu aya, da kecap “logam” mah dicandak ku karuhun urang tina basa Arab, lugham, nu kecap dasarna, laghama (“ngali”), sabab sakabéh logam téh meunang ngali tina jero bumi. Tah, aya hiji Surah dina Al-Qur’an nu nganggo nami logam, nyaéta Surah Al-Hadid, hartina “beusi”. Nu matak luyu pisan masigit dina kompléks Krakatau Steel di Cilegon (Banten) dingaranan Masjid Al-Hadid. Read more…

Abah Sastra Kababayan

Abah Sastra sabada damang kasawatna, awakna jagjag, Pacabakanana kana dagang hayam, Ngan hanjakal adatna rada barangasan, rada hampang panangan, sarta kamamana nyandak pakarang tajam, sabab ngarasa jalma gagah, saban-saban aya jalma natap kana matana, bah sastra gantawang ngabalakbak sarta narajang. Malah basa aya bangsat ngagasab hayamna katangkap, abah sastra narajang kana mastakana bangsat, bah Sastra ngahanca dadana nya blak bangsat nangkarak taya daya. Read more…

Gerakan Kasundaan

Ku Ajip Rosidi

GEUS lila aya kateusugema di kalangan urang Sunda, ku sabab dina balantika nasional langka urang Sunda anu meunang kapercayaan pikeun nyangking kalungguhan penting. Éta kateusugema téh sok diupahan ku ngabobodo manéh, ngarasa dianaktérékeun, atawa nyalahkeun sipat urang Sunda anu cenah “sok ngaheulakeun batur”, “henteu karooh ku kalungguhan”, “daék éléh sungkan meunang”, jeung sabangsana. Read more…

sifat jalma dumasar kana hitut na

Jalma jujur
Jalma nu daek ngaku mun geus hitut

Jalma teu Jujur
Jalma nu hitut tuluy nyalahkeun batur

Jalma belegug
Jalma nu nahan hitut mangjam-jam lilana

Jalma nu berwawasan
Jalma nu apal iraha kuduna hitut

Jalma nu Misterius
Jalma nu hitut tapi batur euweuh nu nyahoeun

Jalma nu sok gugup
Jalma nu ujug-ujug nahan hitut mun keur hitut Read more…

Ngaran Anak Sato

Anak anjing : kirik/kicik
Anak bagong : begu
Anak bandeng : nanar
Anak banteng : bangkanang
Anak bangbung : kuuk
Anak bangkong : buruy
Anak belut : kuntit
Anak bogo : cingok
Anak boncel : bayong
Anak buhaya : bocokok
Anak deleg : boncel
Anak embe : ceme
Anak gajah : menel
Anak hayam : ciak/pitik
Anak japati : piyik
Anak kancra : badal
Anak keuyeup : bonceret
Anak kuda : belo
Anak kukupu : hileud
Anak kutu : kuar
Anak lancah : aom
Anak lauk : kebul/burayak
Anak lele : nanahaon
Anak lubang : leungli
Anak maung : juag/aum
Anak monyet : begog
Anak munding : eneng
Anak reungit : utek-utek
Anak sapi : pedet
Anak ucing : bilatung

Ngaran Kekembangan

Kembang awi : eumbreuk
Kembang bako : bosongot
Kembang bawang : ulated
Kembang bolang : ancal
Kembang boled : tela
Kembang cabe : bolotot
Kembang cau : jantung
Kembang cengek : pencenges
Kembang cikur : jelengut
Kembang eurih : ancul
Kembang gedang : ingwang
Kembang genjer : gelenye
Kembang hoe : bubuay
Kembang honje : comrang
Kembang jaat : jalinger
Kembang jambe : mayang
Kembang jambu aer : lenyap
Kembang jambu batu : karuk
Kembang jarak : uing
Kembang jengkol : merekenyenyen
Kembang jeruk : angkruk/angkes
Kembang jotang : puntung
Kembang kadu : olohok
Kembang kalapa : suligar
Kembang peuteuy : pendul
Kembang kaso : curiwis
Kembang kawung : pengis
Kembang koneng : badul
Kembang kulur : pelepes
Kembang laja : jamotrot
Kembang leunca : pengit
Kembang limus : seleksek
Kembang lopang : cacas
Kembang muncang : rinduy
Kembang pare : ringsang
Kembang salak : sedek/gojod
Kembang sampeu : dingdet
Kembang taleus : ancal
Kembang tangkil : uceng
Kembang terong : moncorong
Kembang tiwu : badaus
Kembang waluh : alewoh

Follow

Get every new post delivered to your Inbox.